B. Daerah

Pertanyaan

naon ciri utama dongeng jeng carita sejenna

1 Jawaban

  • Dongeng miboga ciri khas anu ngabedakeun dibandingkeun jeung carita lianna. Bedana dongeng jeung carita lianna nyaeta :
    1. Dongeng mah sok miboga eusi anu mangrupa carita khayal, sedengkeun carita anu lianna mah biasana sok miboga eusi anu mangrupa carita khayal atawa carita nyata.
    2. Dongeng kaasupna kana carita prosa heubeul, anu nulis dongeng mah biasana anonim, eusi dongeng mah biasana nyaritakeun kabaikan nu ngalawan kajahatan, dongeng sifatna statis. Sedengkeun carita anu lianna, saperti carpon, kaasupna teh carita prosa anyar, anu nulis carpon mah biasana jelas, temana oge biasana leuwih bebas, carpon miboga sifat anu dinamis.
    3. Saluyu jeung ciri-ciri lianna nu aya dina prosa heubeul, carita nu aya dina dongeng biasana mangrupa carita anu istana sentris, miboga sifat-sifat anu aya dina hiji karajaan, fantastis, sarta dongeng mah dipangaruhan ku sastra Hindu jeung sastra Arab. Carita lianna oge saluyu jeung ciri-ciri anu aya dina prosa anyar, nyaeta caritana biasana mangrupa carita anu rakyat sentris, realistis, bahan caritana dicokot tina kahirupan nu aya di rakyat sakitar, sarta dipangaruhan ku sastra barat.
    4. Palaku anu aya dina dongeng, biasana bisa naon wae, saperti umpamana bisa mangrupa jelema, barang, tutuwuhan atawa sato, sedengkeun dina carita anu lianna, palakuna biasana ngan jelema wungkul.
    5. Carita khayal anu aya dina dongeng biasana sok leuwih loba bohongna, saperti umpamana aya sato anu bisa ngomong, kusabab kitu biasana dongeng sok dipikaresep ku barudak, sedeungkeun dina carita lianna lewuih logis sarta realistis ti batan carita nu aya dina dongeng.

Pertanyaan Lainnya