conto kalimat paribasa jadi sabiwir hiji
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Conto kalimat paribasa jadi sabiwir hiji nyaeta saperti "Kalakuan Jang Edih anu goreng kitu teh geus jadi sabiwir hiji. Harti paribasa jadi sabiwir hiji nyaeta jadi carita jalma loba. Paribasa teh kaasup kana pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Anu kaasup kana pakeman basa nyaeta saperti paribasa, babasan, cacandran, kila-kila jeung pamali.
Pembahasan
Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta anu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Paribasa jadi sabiwir hiji kaasup kana ragam basa loma. Tapi, kusabab paribasa atawa pakeman basa teh susunan kekecapanana geus maneuh, kukituna kecap kecap nu aya dina paribasa henteu meunang dirobah, dikurangan atawa ditambah, paribasa jadi sabiwir hiji bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma.
Pelajari lebih lanjut
- Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529
- Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
- Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631
__________
Detil Jawaban
Kelas : IV
Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan
Bab : 8
Kode : 4.13.1
Kata Kunci : Jadi sabiwir hiji