B. Daerah

Pertanyaan

jien kecap kirata anu hasilna nyingget kekecapan jien 10

1 Jawaban

  • Kecap kirata nyaeta singgetan tina 'kira-kira tapi nyata'. Kecap kirata biasana digunakeun pikeun nerangkeun asal usul hiji kecap anu sabenerna mah can tangtu atawa henteu tangtu kabeneranan. Aya kalana kecap kirata teh dijieun ngan saukur pikeun heureuy atawa humor. Sanajan kirata teh henteu kaasup kana pakeman basa, tapi kirata miboga wangun anu siga pakeman basa.

    Pembahasan

    Di handap ieu nyaeta conto kecap kirata nu aya dina basa Sunda:

    1. Guru = digugu jeung ditiru
    2. Calana = dipancal salilana
    3. Dasi = dina dada ngarah aksi
    4. Diktator = ngajual diktat meuli motor
    5. Doktor = mondok di kantor
    6. Ojeg = ongkos ngajegang
    7. Doraka = udar-ador di naraka
    8. Jelema = merejel tina beuteung ema
    9. Lancingan = dilaan bisi kaisingan
    10. Supir = asup ti gigir
    11. Semah = ngahesekeun nu boga imah

    Pelajari lebih lanjut

    • Contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1960498
    • Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
    • Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Bab : 3

    Kode : 9.13.3

    Kata Kunci : Kirata, basa Sunda

Pertanyaan Lainnya