tolong bantuin plis!!!!
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kecap anu ngandung harti saujratna nyaeta kecap anu ngandung harti anu sabenerna atawa anu sarua hartina jeung nu aya dina kamus (harti denotatif). Sedengkeun kecap anu ngandung harti injeuman nyaeta kecap anu ngandung harti kiasan (harti konotatif). Kalimah atawa kekecapan nu biasana ngandung harti injeuman atawa konotatif nyaeta saperti kalimah nu aya dina pakeman basa.
Pembahasan
Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan nu geus maneuh sarta harti nu geus maneuh oge. Conto pakeman basa nyaeta saperti paribasa, babasan, cacandran, pamali jeung kila kila. Kusabab kalimah atawa kekecapan dina pakeman basa ngandung harti konotatif, maksud atawa harti pakeman basa biasana perlu dijelaskeun.
Pikeun ngajawab pananya di luhur, kecap anu ngandung harti saujratna atawa denotatif henteu perlu dijelaskeun deui maksudna. Sedengkeun kecap anu ngandung harti injeuman atawa konotatif perlu dijelaskeun deui harti atawa maksudna. Di handap ieu nyaeta jawaban salengkepna:
- Yayan make baju baseuh, sabab kahujanan (kecap baseuh dina ieu kalimah ngandung harti saujratna).
- Pantes rek beunghar oge, atuda gawena di tempat anu baseuh (kecap baseuh dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina ngeunah sabab bisa ngahasilkeun duit nu loba).
- Abong keur haneut, usaha Kang Asep ayeuna mah untung bae (kecap haneut dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina usaha atawa daganganana payu).
- Manehna mah ari mandi teh kudu ku cai haneut bae (kecap haneut dina ieu kalimah ngandung harti saujratna).
- Cik sugan boga duit tiis, nginjeum heula, isukan dibayar (kecap tiis dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina duit leuwih atawa duit nu teu rek dipake dina waktu deukeut).
- Stroberi mah alusna dipelak di tempat anu hawana tiis (kecap tiis dina ieu kalimah ngandung harti saujratna).
- Teu resep ah, lalajo calung teh, ngabodorna garing (kecap garing dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina ngabodorna henteu alus atawa henteu pikaseurieun).
- Sawah teh jadi garing, lantaran geus lila henteu kacaian (kecap garing dina ieu kalimah ngandung harti saujratna).
- Hayam teh kokotak bae, kawasna mah rek ngendog (kecap ngendog dina ieu kalimah ngandung harti saujratna).
- Si Juheb mah sakolana geus ngendog deui bae di kelas hiji (kecap ngendog dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina cicing atawa henteu naek kelas).
- Ari jadi pamingpin mah kudu nyaah ka rahayat leutik (kecap leutik dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina miskin atawa teu mampu).
- Imahna mah leutik ngan bararesih jeung pikabetaheun (kecap leutik dina ieu kalimah ngandung harti saujratna)
- Bulan ieu mah usaha teh pait, taya paleuleuwihna pisan (kecap pait dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina usahana henteu untung).
- Paria teh rasana pait, tapi loba anu beuki (kecap pait dina ieu kalimah ngandung harti saujratna)
- Hate Si Ibro mah teuas, hese diongget-onggetna (kecap teuas dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina keukeuh pamadeganana).
- Aci oge mun dipoe mah bakal teuas (kecap teuas dina ieu kalimah ngandung harti saujratna).
- Jeung dulur mah ulah sarua heurasna, kudu aya nu daek ngelehan (kecap heuras dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina embung ngelehan).
- Anu leungeunna heuras mah, kurang hade mun diajar tari teh (kecap heuras dina ieu kalimah ngandung harti saujratna).
- Rupana mah geulis Si Ikem teh, ngan hanjakal uteukna kuled (kecap kuled dina ieu kalimah ngandung harti injeuman nu hartina bodo).
- Minyak kalapa anu kuled mah kudu dipanaskeun heula (kecap kuled dina ieu kalimah ngandung harti saujratna).
Pelajari lebih lanjut
- Harti denotatif jeung konotatif https://brainly.co.id/tugas/1843165
- Conto kalimah denotatif jeung konotatif https://brainly.co.id/tugas/15670207
- Conto kecap nu ngandung harti denotatif jeung konotatif https://brainly.co.id/tugas/5793980
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3