naon bedana ceunah tangkal kalapa jeung tangkal2 nubliana
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Bedana tangkal kalapa jeung tangkal lianna nyaeta ari tangkal kalapa mah sakabeh bagean bageanna miboga mangpaat anu gede pikeun kahirupan jelema. Buah kalapa eusina bisa daparud dijieun cipati, atawa dijieun minyak kalapa. Batok kalapa bisa dijieun areng. Sabut kalapa bisa dijieun sikat. Daun kalapa bisa dijieun cangkang kupat, atawa hiasan janur jeung sajabana ti eta. Batang tangkal kalapa kaina bisa dipake pikeun ngawangun imah.
Pembahasan
Eta mangpaat tangkal kalapa anu sakitu gede jeung lobana teh miboga harti filosofi yen urang salaku jalma teh kudu siga tangkal kalapa anu miboga mangpaat pikeun jalma jeung mahluk sabuderanana. Upama tangkal kalapa miboga mangpaat anu sakitu gede jeung lobana, masih aya tangkal atawa tutuwuhan lianna anu miboga mangpaat, nyaeta saperti tutuwuhan anu dipelak dihareupeun imah atawa di kebon. Kitu oge jelema, sanajan saeutik kudu aya mangpaatna.
Pelajari lebih lanjut
- Tutuwuhan anu sok dipelak di kebon https://brainly.co.id/tugas/14881144
- Tutuwuhan beueutian https://brainly.co.id/tugas/10943987
- Naon anu dimaksud apotek hidup https://brainly.co.id/tugas/2044899
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Adat Di Palemburan
Bab : 2
Kode : 9.13.2
Kata Kunci : Bedana tangkal kalapa jeung tangkal lianna